Kuring baceo sorangan, ngabayangkeun Sahrukh Khan, resep ku imut na, Pangangguran ah…rek meuleum opak, bising salaki hayang ngopi ke burit. Didapur kuring nuluykeun lamunan, keun bae da moal nyahoeun si Aa mah. Kuring anteng mulak-malik opak dina ruhay, lumayan geus beubeunangan sapiring mah, arasup kana beuteung. Bari anteng ngobrol jero hate jeung Sahrukh Khan, ari celengok teh… aya nu nyium kana punduk, panangan meulit kana cangkeng munding.
Dog dag atuh, jajantung tingbeledug kawas sangray borondong. Gurubug-gurubug… opak nu di beuleum teh tinggurubug bakat ku reuwas, ngaracleng kana beungeut mani panas, kebon jarawat nepi ka baritu. Sihoreng galengan hui nu eunteup dina punduk teh lambey si Aa. “Naha Aa sudah pulang ? mani cepat-cepat, biasanya kan Aa teh pulang subuh.” Kuring ngadilak ngaheureuyan, sugan we eta lambey sagede galeng eunteup deui, sawios dibanjur ku opak panas ge rido kabina-bina. Keun bae Sahrukh Khan mah sampeureun dina impian. Puguh lambei na nu matak kaedanan teh lah, biar wajah Aa dangdut banget, tapi bibir Mick Jagger punya, O ye !
“Iyah Aa teh pulang cepat sono ka nyai, mestinya Aa teh lembur tapi biar lembur di rumah aja.” Nya lembur naon barina oge (kuring baceo jero hate) kapan si Aa teh pengangguran, ti saprak di PHK ku PT GOBANG GOCIR. Keun bae lah, stress meureun matak ayeuna gawena sok ngukur jalan ge. Kuring buru-buru mandi disalin ku daster weuteuh, ditilik-tilik tina eunteung, gening mani siga buntelan hitut, duh… kumaha mun si Aa salingkuh ? Ah piraku…
Enya kasieun mah aya, ceuk batur kudu mempercantik diri cenah, dangdan dipupur, da ieu mah kumaha atuh ? dipupur ku sarerang kawung da hayang irit, pakean sebrat-sebrut meunang ngiridit tinu ngider, ka salon ge tara, sok kusorangan digaling ku daun sampeu, hate mah ngahelas ningali kutang pabeulit tutumbuan, dicangcang ku panitih, alungkeun atuh ka jarian ! meuli deui anggur Trumph, moal beak tilu rebo diendongan gedang asak ge. Ieu rorombeheun mani unggah kana beuheung, kumaha keh mun dipeuncit kuriling ku Mick Jagger ?
Duh kaduhung ayeuna si Aa teu bogaeun duit haseum…euy ! Haduh sama-sama pemain Band olok kejo, penonton pada lari. Ah rek ka salon sakeudeung, meumpeung si Aa keur jongjon maca koran, neangan lowongan kerja cenah, aeh…aeh pan teu boga duit nya kumaha carana ? da nyelang ka batur mah tos moal aya nu percaya, Ah teu beak akal gidig ka kandang hayam, si Rengge keur nyileungleum, endogna tinggal hiji, da ku si Aa sok diloklok, meh kuat cenah. Kuat kaera meureun.
“Rengge geulis, kadieu urang ameng jeung mamah ! mending ge ngiring yu ! bisi ku bapa disiksa dinu katel.” si Rengge dikelek ditatawarkeun ka tatangga, teu aya nu daek meuli, teu beakeun akal da kuring teh pinter siga Mac Giver.
“Sok lah ceu saha nu keresa ngartosan ieu hayam, ku abdi dipasihan bonus, pek candak jeung kandangna !” Tuh gening aya nu daek meuli, kabitaeun meureun ku kandang si Rengge nu bahana tina awi sakebonan. Kuring baceo jero hate Pek siah Aa rek di kreul nyai mah meh geulis, oh Sahrukh Khan aku datang sayang, kuch kuch hota hae…Sup kuring ka salon, dibageakeun kunu geulis. “Teh bade dikriting sing sae, sakantenan di make over, pang mermakeun we lah pokonamah !” Kuring gumeulis uman-imen.
Mani panggling, gening geulis kuring teh ari dibebener mah. Aduh euy mani siga Bob Marley awewena, eleh we si Candil mah, Hileu…d juga manusia…pasti si Aa panggling, duh kacipta engke peuting, sosonoan meureun jeung wajah baru. Sajeroning nu geulis nga make up kuring, hate mah kumalayang ngalamun, rek senam jeung ibu-ibu rambut sina ucang angge, moal Poco-poco gengsi ! rek Buffalo Soldier wah sagala weh kabayang. Duh nyaan geulis ieu bulu mata mani biru. Ah rek leumpang mapay lembur meh nepi ka imah lagu poek, meh langsung Livin la vida loka.
Sajajalan barudak UNPARAT (Universitas parapatan) jurusan tehnik ojeg… ngaheureuyan, di sentak weh. Apa luh liat-liat ? kerewedan ? “Hileud hayu balik ! sok gera nangkod lah, ngalarisan.” Ih alim teuing gengsi kajeun numpak calana. “Hileud kunaon eta panon ? mani bariru kitu aya nu ngababuk ? Dasar preman kampung ieu teh mascara. “Geus demo nya Leud matak make wig oge ? Aduh kuno Rasta mang !! “Ari Rasta mah atuh tong sok udud daun kawung, gera ngalinting ku pahpir !” Ah alim nu kitumah sieun jadi artis Sergap, bararaid teuing hiy….
Wanci geus sareupna basa nepi ka imah, jandela geus ditarutup, pasti si Aa keur nangkarak nungguan cak-cak murag, kuring ngalelebah. lamat-lamat kadenge sora TV keur sinetron, ari bray teh muka panto…si Aa koceak dengek bari jeung pias.
“Aya Grando ooo oong.” Tuluy ngahod-hod di juru, kuring nyampeurkeun manehna kalahkah lumpat bari gogorowokan.
Tatangga rabul daratang, barudak naroong tina bilik, nyere sing aracos kanu liang, ngalelewe kakawihan No woman no cry…No lubang noong…panasaran hayang ngeunteung, tapi teu kaduga ngajungjungkeun ieu rorompok hitut, asa lieur sirah tapi hayang kenah kutak-ketik, Ah mening ge atosan we moal leres kedah dibobokeun, cape ti sonten kokojayan di lautan lepas permios…os…os..os !!
